Home » , » Paribasa jeung Babasan

Paribasa jeung Babasan

Written By Akmal AZB on Thursday 9 March 2017 | 23:16

   Hai selamat datang di blog kami. Bertemu lagi dengan saya. Dalam kesempatan kali ini saya akan mencoba menjelaskan tentang paribahasa jeung babasan dengan jelas dan padat. Tentu saja agar kawan-kawan bisa dengan mudah untuk mempelajarinya.

   Dari materi ini saya akan menjelaskan dari pengertian, macam-macam, ciri dan contohnya. Untuk lebih jelasnya mari kita langsung saha simak materinya dibawah ini. Let's go!!!

Paribahasa jeung Babasan

   Anu sim kuring sebutkeun ti luhur nyaéta anu badé dijelaskeun ti artikel handap ieu. Paribasa jeung babasan téh sebenerna mah hampir sarua éta-éta keneh soalna sabagian ti paribasa aya ogé anu sami sareng babasan jeung sabalikna oge kitu, tapi sebenerna mah aya bédana saalit tina wangun atanapi kecapna anu bakal di bahas di handap ieu.

A. Paribasa

1) Pangartian Paribasa

  Aya 2 pangartian paribasa anu sim kuring badé jelaskeun nyaéta nu kahiji pangartian asli ti para ahli atawa ti buku-buku nu biasana sok aya.

- Paribasa nyaéta babandingan anu jadi parlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.

   Pangartian kadua nyaéta pangartian ti para laluhur, nini, aki, arurang atawa singkatan, rangkuman ti pangartian anu baku ti luhur. Pangartian ieu biasana anu sok diwartoskeun/dijelaskeun ku guru, rerencangan, baturan, kolot, jst.

- Paribasa nyaéta ungkara basa anu diwangun ku dua frasa atawa leuwih anu eusina mangrupa luang jeung papagon hirup di masarakat, sarta ngandung harti injeuman

2) Ciri-ciri Paribasa

     Tah dina ciri-ciri paribasa téh aya oge bebedana ti babasan jeung aya oge sasaruana paribasa jeung babasan téh, baca heula wéh ieu di handap ciri-ciri paribasa, nyaéta :

a. Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.

b. Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.

c. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.

d. Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman) tapi aya oge anu kurangan tapi hartosna sami keneh contona ‘Ulah dagang oncom rancatan emas’ wios teu ngangge 'Ulah' oge tapi sabagian pendapat kudu make ulah téh tapi hartosna mah da sami keneh kitu-kitu kéneh.

3) Jenis-jenis atawa Macam-macam Paribasa

     Jenis-jenis atawa macam-macam paribasa téh aya 3, nyaéta :

a. Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun.

Contona :
   Dihindar pinasti anyar pinanggih = Takdir mah tos ditangtukeun ku Allah rék kumaha-kumaha oge

b. Paribasa panjurung laku hadé eusina picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan.

Contona :
   Ari diarah supana, kudu dijaga catangna = Ari gaduh banda nu di ala hasilna, kudu daék ngurusna.

c. Paribasa lampah salah eusina gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.

Contona :
   Ulah dagang oncom rancatan emas = Ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang.

   Tiasa oge dibaca anu lengkapna Pangartian sareng Contoh Paribasa Wawaran Luang, Panjurung Laku Hade, Panyaram Lampah Lasah.

4) Contoh Paribasa

    Seer sebenerna mah contona téh tapi ieu 3 heula weh anu lengkapna tiasa baca di Contoh Paribasa Sunda Lengkap A – Z. Upami bade anu conto-conto tina pambagéan eta aya diluhur

a. lwak nangtang sujen = Wani nyorang pibahayaeun

b. Kudu hade gogog, hade tagog = Sopan santun, hade tatakrama

c. Ulah agul ku payung butu = Isin ku turunan

   Tah eta diluhur conto paribasa ti lain eta aya seer keneh, jeung eta ti luhur téh anu ‘a’ eta sami conto paribasa wawaran luang, ‘b’ eta conto paribasa panjurung laku hade, ‘c’ eta conto paribasa lampah salah.

B. Babasan

1) Pangartian Babasan

   Babasan nyata pakeman basa anu ungkarana jeung hartina geus matok. Babasan ungkarana parondok, umpamana/umumna ngan diwangun ku dua kecap sarta ngandung harti siloka (Kiasan). Babasan sasaeurna ngagambarkeun pasipatan jalma.

2) Ciri-ciri Babasan

   Di luhur tos dijelaskeun ciri-ciri paribasa, ayeuna urang jelaskeun naon tah ciri-ciri babasan téh, tina ciri-ciri babasan ieu téh aya oge bedana sareng saruana paribasa jeung babasan.

   Sok baca heula wéh ieu dihandap naon wae ciri-ciri babasan téh:

a. Ngandung harti injeuman (Konotatif).

b. Ukuranna pondok.

c. Umumna diwangun dina kecap kantetan

d. Susunanna tos matok atawa teu tiasa dirobah-robah

3) Jenis-jenis atawa macam-macam babasan

   Dina jenis-jenis babasan ieu aya oge saruana paribasa jeung babasan, baca heula weh naon wae jenis atawa macam babasan téh.

   Jenis-jenis atawa macam-macam babasan téh aya tilu, nyaéta :

-  Dumasar kana babandingan.

-  Dumasar kana wangunna.

    Aya tilu macam babasan, nyaéta :

a. Babasan kantenan nyaéta dua kecap nu ngabungkeun tur nimbulkeun harti anyar.

Contona : Gedé hulu = Sombong, balaga, pang jagona, adigung.

Conto dina wangun kalimah : Jadi jalma téh tong gedé hulu, jalma nu kitu téh moal dipikareseup batur.

b. Babasan rundayan nyaéta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkenan, boh binaraung jeung ngarajek, ngantetkeun boh henteu, sarta ngandung harti injeuman. Babasan rundayan mineung disébut oge paribasa imbuhan.

Imbuhan.

1. Awalan (Prefiks) -> Rarangkeun hareup

2. Sisipan (Infiksi) -> Rarangkeun tengah

3. Akhiran (Sufiksi) -> Rarangkeun tukang

4. Konflik (Gabus) -> Rarangkeun barung

Contona : Disakompetdaunkeun = Disaruakeun jeung kasalahan batur.
Conto dina wangun kalimah : Manéh mah ka urang téh sok disakompetdaunkeun.

c. Babasan frasa nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.

Contona : Kandel kulit beungeut = Jalma euweuh ka era

Conto dina wangun kalimah : Jadi jalma téh tong kandel kulit beungeut,

4) Contoh Babasan

   Sabenerna mah seer contona mah ngan 5 heula weh conto lengkapna di artikel Contoh Babasan Lengkap A – Z. Kumargi kitu nya nu di handap ieu heula wéh:

- Ayem Tentrem = tenang teu aya kasieun

- Bancang Pakewuh = pikasusaheun

- Cueut kaharep = tereh maot

- Dogdog panrewong = acara panambah

- Leuleus awak = daekan

C. Bebedana sareng Sasaruaan Paribasa jeung Babasan Kasimpulanna bedana Paribasa jeung Babasan téh, nyaéta :

a. Paribasa

- Ukuranna panjang.

- Kalimahna teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.

- Hartina lain ti harti sajalantrahna.

b. Babasan

- Ukuranna pondok.

- Umumna disusun dina wangun kecap kantenan.

- Umumna ngabandingkeun.

Sasaruaan Paribasa jeung Babasan nyaéta :

- Wangunna matok.

- Ngandung harti injeuman (Konotatif).

Dari artikel tentang paribahasa jeung babasan ini semoga dapat membantu kawan-kawan dalam mengerjakan tugas pelajaran bahasa sundanya. Jangan lupa like dan shere ya, supaya teman-teman kalian juga dapat mempunyai banyak pengetahuan. Terima kasih susah mampir di blog kami sekali lagi terima kasih.

2 comments:

  1. terima kasih

    ReplyDelete
  2. Thanks and that i have a dandy proposal: How Often Renovate House home renovation jobs

    ReplyDelete

Propellerads