Home » , » Lentong

Lentong

Written By Akmal AZB on Friday 10 March 2017 | 05:52

   Hai selamat datang di blog kami. Bertemu lagi dengan saya. Dalam kesempatan kali ini saya akan mencoba menjelaskan tentang lentong dengan jelas dan padat. Tentu saja agar kawan-kawan bisa dengan mudah untuk mempelajarinya.

   Dari materi ini saya akan menjelaskan dari pengertian dan macam-macamnya. Untuk lebih jelasnya mari kita langsung saha simak materinya dibawah ini. Let's go!!!

Lentong

   Salasahiji pola lentong basa Sunda
Lentong Nyaéta pakakas kalimah atawa alat sintaksis nu mangrupa pola robahna nada jeung tekenan nu binarung jeung randegan waktu ngucapkeun kalimah katut babagianana; pola méré tekenan binarung jeung turun atawa naékna nada nu dipungkas ku randegan. Lentong kaasup unsur prosodi atawa supraségméntal, tegesna unsur anu aya di luareun basa tulis, ayana dina lisan.

   Nu kaasup kana lentong nyaéta dangka, tekenan, randegan, wirahma, jeung nada.

    Ari nu dimaksud dangka nyaéta jangka waktu atawa kuantitas; panjang pondokna sora diucapkeun; lila sakeudeungna sora diucapkeun. Dangka ilaharna aya dina kecap ku cara ngedalkeun salah sahiji engangna leuwih panjang. Anu dimaksud tekenan nyaéta aksén, tanda diakritis. Anu dimaksud randegan nyaéta eureunna sora waktu nyarita luyu jeung kakuatan engapan, bisa panjang (pungkas), bisa sakeudeung (sedeng). Anu dimaksud nada nyaéta foném supraségméntal anu mangrupa geteran sora.

   Ahli Basa Sunda urang Walanda, Sierk Coolsma nétélakeun yén urang Sunda nyaritana téh laun tur rintih, lentongna anéh, sada ngalagu jeung loba embatanana. Saterusna inyana nerangkeun kieu: Umumna, engang kadua ti ahir anu sok dibedaskeun atawa diteken téh, iwal upama engang kadua ti ahir téa disilabikeun (inti engangna) vokal [e], e pepet. dina kecap nu pandéna kitu mah tekenan téh dina engang ahir. Lentong nanya béda jeung lentong ngajawab, kitu deui jeung lentong nitah.Malah lentong budak teu sarua jeung lentong kolot. Atuh lentong nyi mojang teu sarua deuih jeung lentong ki bujang. Lentong Sunda anu kadéngé béda pisan jeung lentong lulugu nyaéta lentong urang Kanékés (Baduy). Jadi lain kekecapanana baé anu béda jeung basa Sunda Priangan téh.

Dari artikel tentang lentong ini semoga dapat membantu kawan-kawan dalam mengerjakan tugas pelajaran bahasa sundanya. Jangan lupa like dan shere ya, supaya teman-teman kalian juga dapat mempunyai banyak pengetahuan. Terima kasih susah mampir di blog kami sekali lagi terima kasih.

0 comments:

Post a Comment

Propellerads