Home » , » Kecap Rajekan

Kecap Rajekan

Written By Akmal AZB on Tuesday 28 March 2017 | 10:01

   Hai selamat datang di blog kami. Bertemu lagi dengan saya. Dalam kesempatan kali ini saya akan mencoba menjelaskan tentang kecap rajekan. Tentu saja agar kawan-kawan bisa dengan mudah untuk mempelajarinya.

   Dari materi ini saya akan menjelaskan dari pengertian dan macam-macamnya. Untuk lebih jelasnya mari kita langsung saja simak materinya dibawah ini. Let's go!!!

Kecap Rajekan

   Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.

   Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana:

- Rajekan Dwipurwa

   Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana.

contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran

- Rajekan Dwimadya

   Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna.

contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoe.

- Rajekan Dwilingga

   Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka).

Conto kecap rajekan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd.

conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.

- Rajekan Trilingga

   Rajekan trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup.

Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung, jrd.

   Dari artikel tentang kecap rajekan ini semoga dapat membantu kawan-kawan dalam mengerjakan tugas pelajaran pelajarannya. Jangan lupa like dan shere ya, supaya teman-teman kalian juga dapat mempunyai banyak pengetahuan. Terima kasih susah mampir di blog kami sekali lagi terima kasih.

0 comments:

Post a Comment

Propellerads