Hai selamat datang di blog kami. Bertemu lagi dengan saya. Dalam kesempatan kali ini saya akan mencoba menjelaskan tentang adat istiadat sunda. Tentu saja agar kawan-kawan bisa dengan mudah untuk mempelajarinya.
Dari materi ini saya akan menjelaskan dari pengertian dan macam-macannya. Untuk lebih jelasnya mari kita langsung saja simak materinya dibawah ini. Let's go!!!
Adat Istiadat Sunda
A. Adat Istiadat Mangsa Kakandungan
1. Opat Bulanan
Masarakat Jawa Barat baheula nganggap awéwé anu keur kakandungan dua atawa tilu bulan saukur nyiram. Saenggeus liwat ti tilu bulan karék bisa di sebut hamil. Opat Bulanan teh ngabogaan tujuan méré béja ka tatangga jeung baraya yén awéwé éta téh bener – bener keur hamil.
Masarakat percaya yén dina opat bulan waktu na roh di tiupkeun kana janin di jero kandungan. Opat bulanan biasana sok ku pangajian, pangajian éta téh tujuanna keur ngadoakeun kasampurnaan fisik, kaséhatan sareng kasalametan orok.
2. Tingkeban (Upacara Tujuh Bulan)
Tingkeban di laksanakeun waktu keur kakandungan dina tujuh bulan. Tingkeban dilakuken aya tujuan na nyaéta supaya orok jeung indungna salamet keur mayunan poe ngajuru.
Dingaranan Tingkeban, sabab “tingkep” hartina tutup. Tutup ngabogaan harti yén awéwé hamil nu geus tujuh bulan teu meunang ngalakuken hubungan suami istri. Salain ti éta awéwé hamil teu meunang barang gawé anu beurat-beurat sabab kakandungan na geus ngagedéan.
Tingkeban biasana ngayakeun pangajian nu macakeun ayat suci Al-Quran, misal na surat Yusuf, Maryam jeung surat Lukman. Salain éta, aya sababaraha urang deui nu sok ngalaksanakeun tradisi ngabersihan awéwé hamil ku cai kembang tujuh rupa, di mandikeun ku baraya sacara piligenti.
Pas di guyurken anu ka tujuh, belut di asupken nepi ka beuteng éta awéwé hamil, anu tujuanna supaya pas ngalahirkeun orok na leueur kos belut.
3. Salapan Bulan
Adat ieu di lakukeun pas umur kandungan geus salapan bulan. Adat ieu biasana sok aya pangajian anu tujuanna supaya orokna bisa buru buru lahir ka dunya bari salamet.
4. Reneuh Munding
Upacara ieu bakal di lakonan mun umun kandungan geus salapan bulan tapi can ngajuru keneh.
B. Adat Istiadat Babaran jeung Mangsa Bayi
1. Miara Tembini
Adat ieu dilakukeun keur ngahormatan tali ari-ari. Upacara ieu dilakukan sabab dianggap bagean ti kuluarga orok, tah pas miceun tali ari ari gé ulah sambarangan miceun, biasana sok di kubur atawa di tendeun dina para hawu.
2. Nenjrag Bumi
Upacara ieu dilakuken ku cara nembrak ku palu, tujuan na supaya orok henteu rewasan mun ngadenge sora.
3. Puput Puser
Adat ieu di lakonan mun tali ari ari na geus lepas, kudu di salametkeun.
4. Ekah
Adat ieu dilakuken sakumaha anu diajarkeun ku agama islam, tujuan na keur ngabales anugrah ti ALLAH swt. nyaéta budak. Biasana dilaksanakeun mun umur orok na 7 poe, 14 poe, atawa bisa ogé 21 poe. Umumna kolot budak mencit domba 2 lamun budak na lalaki, 1 mun budak na awéwé.
5. Nurunkeun
Adat ieu dilakukeun pas orok mimiti nicak buruan imah, tujuan na supaya orok gampang nyesuaikeun diri na jeung méré nyaho ka tatangga jeung baraya yén orok geus bisa diajak ka luar imah.
6. Upacara Cukuran/Marhabaan
Upacara cukuran dimaksudkeun keur ngabersihkeun rambut orok tina sagala macam najis. Upacara cukuran/marhabaan mangrupikeun ungkapan sukur ka Allah swt. Upacara cukuran dilaksanakeun pas umur orok 40 dinten.
C. Upacara Masa Kanak-kanak
1. Upacara Gusaran
Gusaran nyaeta ngaratakeun gigi budak awewe, maksudna meh budak gigi budak eta rata tur tambah geulis. Upacara Gusaran dilaksanakeun lamun budak awewe geus 7 taun.
Upacara dimimitian ku didandanan, terus ngabacakeun doa sareng solawat nabi Muhammad saw. Geus kitu indung beurang ngalaksanakeun gusaran, lamun tos beres disawer. Biasana, dina upacara gusaran sok dilaksanakeun tindikan, nyaeta ngabolongan cepil kanggo masang anting.
2. Upacara Sepitan/Sunatan
Upacara sunatan dilakukeun sangkan alat vitalna beresih tina najis. budak nu tos ngalakukeun upacara sepitab/sunatan dianggap atos ngalaksanakeun salah sahiji syarat islam. Upacara sepitan budak awewe dilakukeun dina waktu orok, sedengkeun budak lalaki biasana dina umur 6 taun.
Upacara mimitina budak dimandian atawa dikeueum dina kolam, terus dipangku ka halaman keur disunatan ku paraji (bengkong). Hayam jago dipencit kanggp bela, pepetasan disunut, sabari tatabeuhan. Tidinya tamu undangan nyecep ka budak nu disunatan. Dina upacara ieu, aya hiburan sapertos wayang golek, sisingaan, atau tatarian.
D. Upacara Adat Kapapaitan
Aya sababaraha ritual Jawa Barat keur jelema anu geus tilar dunya. Adat na nyaéta ngamandikeun mayit, ngakafanan mayit, nyolatkeun, nguburkeun, nyusur tanah, tahlil.
Tahlil biasana sok dilakuken poé ka hiji di sebut poénan atawa nyusur tanah, poé katilu disebut tiluna, poé ka tujuh di ebut tujuhna, poé ka opat puluh di sebut matang piluh, poe ka saratus disebut natus, sataun disebut mendak taun jeung poé ka sarébu disebut newu.
E. Upacara Adat Tani
1. Seren Taun
Adat ieu di lakukeun pas ngakut paré ti sawah ka leuit maké alat husus anu disebut rengkong maké iringan music tradisional nu di tabeh.
2. Kawin Tiwu
Kawin tiwu nyaéta sabatang tiwu dikawinkeun jeung tiwu séjénna, tujuanna nyaéta ngungkapkeun rasa sukur ka Gusti kana naon anu geus di panen keun jeung permohonan supaya hasil tataneh kaharep na lewih alus.
3. Ampih Pare
Adat ieu di lakukeun pas nendeun pare ti sawah ka leuit.
4. Ngarot
Ngarot nyaeta upacara nu dilakukeun pas waktu ngamimitian melak.
5. Sedekah Bumi
Sedekah bumi téh nyaéta bentuk rasa sukur ka Gusti anu tos masihan hasil bumi nu melimpah.
6. Pesta Laut
Pesta laut nyaéta bentuk rasa sukur ka Gusti anu tos masihan hasil laut jeung doa supaya nelayan dibéré kasalametan jeung kaséhatan.
7. Mapag hujan
Kasenian Ketuktilu Mapag Hujan mangrupa kasenian anu geus dilaksanakeun saprak 100 taun ka tukang. Sabenerna kasenian ieu dipaké lain ngan pikeun ngabagéakeun usum hujan waé kasenian ieu ogé dilaksanakeun waktu talari ngocorkeun cai ti walungan ka sérang atawa ngabeungkat, melak paré atawa Mapag Dewi sri, sarta waktu panén sarta syukuran di désa kampung Ujung.
F. Adat Samemeh Akad Nikah
1. Nendeun Omong
Nendeun omong nyaéta datangna pihak lalaki ka imah pihak awéwé keur silaturahmi jeung pendekatan
2. Ngalamar
Ngalamar nyaéta datangna pihak lalaki ka imah pihak awéwé keur ngalamar wanoja. Biasana sok bari ngabahas poe nu alus keur ngawinkeun.
3. Seserahan
Seserahan nyaéta pihak lalaki nyerahkeun ka calon minantu unduk ngawin wanoja. Pas adat ieu biasana pihak lalaki sok mawa duit, persiasan, kosmetik, kué, bolu jeung sajabana sasuai jeung kamampuan pihak lalaki.
4. Ngeuyeuk Seureuh
Ngeuyeuk seureuh asal kecapna tina paheuyeuk-heuyeuk jeung beubeureuh/ panutan/ kabogoh, hartina babarengan ngurus/migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hade. Ngeuyeuk seureuh saenyanamah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna boh batina. Ceuk cohagna mah pendidikan anu ngandung unsure nu serem.
G. Adat Saenggeus Akad Nikah
1. Munjungan/Sungkeman
Ieu dilaksanakeun sabada akad nikah, yen dina ngawangun rumah tangga, urang moal tiasa leupas tina pangjurung sareng doana ti indung bapa, indung tunggulna rahayu, bapa catang nu darajat, nyaah jeung deudeuh moal pegat najan tos katalian ku beungkeutan raki rabi.
2. Sawer
Sawer dilakukeun ku cara ngawurkeun duit récéh, duit kertas, kembang, béas konéng, jeung dua buah tékték jeung permén terus di awurken ka pangantén terus dipulung ku tamu undangan.
3. Nincak Endog
Nincak endog biasana sok dilaksanakeun saenggeus di sawer. Dina palaksanaanna, panganten awewe ngabakar tungtung harupat terus dipiceun. Tidinya panganten lalaki nincak endog teras sukuna diberesihan ku cai tina kendi ku panganten awewe sarta kendina dipiceun dugi hancur.
4. Buka Pintu
Buka pintu biasana sok dilaksanakeun saenggeus Nincak endog. Panganten awewe abus ka imah sedengkeun panganten lalaki nungguan di luar, sanggeus panganten lalaki maca sahadat panto dibuka sarta panganten lalaki dihaturan linggih.
5. Huap Lingkung
Nyaéta upacara anu dimaksudkeun keur pangantén supaya bisa méré rido, iklas, tanpa batas.
6. Seserahan
Seserahan éta sabenerna mangrupa simbolisasi ti pihak lalaki minangka wangun tanggung jawab ka pihak kulawarga wanoja. Pikeun adat istiadat Jawa, seserahan biasana dibikeun dina waktu peuting midodareni atawa pikeun adat istiadat Sunda, seserahan biasana dibikeun dina waktu ngeuyeuk seureuh. Tapi teu arang anu méré seserahan dina waktu akad nikah.
Dari artikel tentang adat istiadat sunda ini semoga dapat membantu kawan-kawan dalam mengerjakan tugas pelajaran bahasa sundanya. Jangan lupa like dan shere ya, supaya teman-teman kalian juga dapat mempunyai banyak pengetahuan. Terima kasih susah mampir di blog kami sekali lagi terima kasih.
0 comments:
Post a Comment